Kamis, 03 April 2014

sisindiran 1.ngaborong doran jeung hayam diparaban sampeu atah wilujeng boboran siam mugi urang wangsul fitrah 2. boh bilih ngical kalapa candakna nganggo carangka boh bilih kalindih murka muga kersa ngahampura 3. boh bilih ka Sukajadi ulah hilap meser roti boh bilih kalangsu dengki muga kersa ngamaklumi 4. salami di Sukajadi teu ningalkeun kuring salat Salami urang pahiri urang silih pundut maaf 5. lamun kuda mirip itik loba jalma lalumpatan salami urang kumelip tangtos seueur kalepatan 6. cecendet mande kiara dijualan make panci mugi kersa ngahampura kuring kungsi ingkar janji 7. mun cecendet mande kiara gera cokot hiji-jiji mugi kersa ngahampura kuring kungsi nganyenyeri 8. mun indit ka Sukmanah ulah poho ka Pa Lurah mugi anjeun jembar manah sabab kuring niat pasrah 9. hirup kumbuhna manusa tangtu kungsi haramjadah kuring pasrah tumarima laku lampah teu merenah 10. meuli kacu ejeung gincu mawana bari disuhun rumasa ngagugu nafsu matak kuring nyuhun ampun 11. mun indit ka Ujungberung bari mawa awi tali rumasa kungsi ngaberung mugi Gusti kersa nampi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar