Rabu, 05 Juni 2013

ass.,, baraya kumaha daramang

lelempangan meuli timun
meuli na ka pa apip
dari pada ngalamun
meni ka smp nyapip

meuli piring ka mang ohang
duit na ku rebuan
mun silaing keur bobogohan
leungen na ulah kakarayapan

ka bogor tuluy ka bandung
ka ci anjur meuli bonteng
ka siksa boga kabogoh
sungut na bau spiteng

cikaracak ninggang batu
laun laun jadi dekok
sirah botak ka tinggang batu
nya eta .... bletok

wassalam...,,

Senin, 03 Juni 2013

Ass.....

wilujeng wengi baraya

tikukur mawa-an heucak
mawa deui mawa deui
.....r datang ka pecak
rangda deui rangda deui

tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang datang nga burusut

jalan jalan ka cianjur
nijek batu ngjeuleguer
hanas hanas meli bajigur
pas di ambeu bau bujur

hayang nyatu eweh kejo
beasna na panggilingan
boga mitoha nu gelo
minantu di tampilingan

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
ninik ninik ker mendeyang
di bekok peupeurendeuyan

kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal waleh di antosan

aya roda na tanjakan
ka tinggang ku pangpung jengkol
nyi randa gogowakan
ka tinggang ku hulu botol

jauh jauh manggul awi
nyiar nyiar pimerangen
jauh jauh neang abdi
neang neang pimeulangen

aya listrik di masigit
caangna nepi ka pabrik kina
aya istri jangkung alit
hanjakal te di calana

manuk ciung na pisitan
buah kona ngora keneh
di cium kunu kumisan
si nona kaka jebleh

kacibogo ka cibadak
meuli ragi di pendunagan
 ulah bobogohan jeung budak
mahugi peupeulendungan

Sabtu, 01 Juni 2013

jaka sembung ngalaan calana
assalammu'alaikum sadayana

kaci guha ngangon munding
mawa enteh ka saguling
saha itu meni gining
sing horeng teh ninik kuring

kaso panjang kaso pondok
kaso ngaroyo ka jalan
sono monok sono nganjang
sono patepang di jalan