Kamis, 03 April 2014
Cerita Humor | Bobodoran Sunda
Yuk barudak urang sunda kadarieu urang ngariung jeung uing, uing rek nyaritakeun carita dina postingan Cerita Humor | Bobodoran Sunda yeuh, kieu caritana : Dina hiji mangsa poe juma’ah, aya hiji jalma urang batak, karek asup islam jeung anyaran ngumbara ka bandung, ma’lum anyaran cicing di bandung si tulangnna jadi kurang ngartieun bahasa sunda. Anggap weh ngaranna si Tulang bisi majar ngomongkeun ari nyebut ngaran aslinana mah. singkat caritana si tulang teh anyar milu jumaahan, ari pas budalan, di buruan masigit si tulang keur ambek-ambekan bari beungeut bereum tur popolotot. Ku uing teh di tanya da ngaganggu ka batur,
Cerita Humor | Bobodoran Sunda
Uing : “Ku naon silaing bang, beres jumaahan lainna ngadoa kalah ka ambek-ambekan teu puguh?”
Si Tulang : “Sandal saya hilang, mana sendal saya, aduh mana merek adidas baru beli kemaren”
(Gogorowok si abang tulang ka barudak anu keur ngalariung)
Si Tulang :”woi,, Ada yang liat ato ngambil saya gak??”
Barudak: “Sendal naon bang??” ni riweuh kitu teu pira leungit sendal.
Si Tulang: “Sandal merek adidas, Baru beli kemari”
Barudak: “Wah teuing teu apal urang mah bang”
Teu kungsi lila datang pa ustadz ti masjid beres ngadu’a, teu purun di tanya ku si tulang…
Si Tulang : “tadz, sendal saya hilang tadz”
Pa Ustadz : “Patukeur sigana mah bang”
Si Tulang : “Bah..! Siapa juga itu pa tukeur tadz?? Wah harus saya bantai itu orang..!”
Pa Ustadz : “Euh si abang, Pa tukeur teh Pa hili abang”
Si Tulang : “Bah..! yang ngambil berdua sama si pa hili tadz??? Wah dua-dua nya harus saya bantai tu orang..!”
Pa Ustadz : “Ah ngabejaan nu gelo mah kalah ka lieur sorangan, uing balik we ah…Assalamualaikum..”
Si Tulang : “Bah..! Mau kemana pa Ustadz?? Sandal saya gimana ini tadz??”
sisindiran
1.ngaborong doran jeung hayam
diparaban sampeu atah
wilujeng boboran siam
mugi urang wangsul fitrah
2. boh bilih ngical kalapa
candakna nganggo carangka
boh bilih kalindih murka
muga kersa ngahampura
3. boh bilih ka Sukajadi
ulah hilap meser roti
boh bilih kalangsu dengki
muga kersa ngamaklumi
4. salami di Sukajadi
teu ningalkeun kuring salat
Salami urang pahiri
urang silih pundut maaf
5. lamun kuda mirip itik
loba jalma lalumpatan
salami urang kumelip
tangtos seueur kalepatan
6. cecendet mande kiara
dijualan make panci
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi ingkar janji
7. mun cecendet mande kiara
gera cokot hiji-jiji
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi nganyenyeri
8. mun indit ka Sukmanah
ulah poho ka Pa Lurah
mugi anjeun jembar manah
sabab kuring niat pasrah
9. hirup kumbuhna manusa
tangtu kungsi haramjadah
kuring pasrah tumarima
laku lampah teu merenah
10. meuli kacu ejeung gincu
mawana bari disuhun
rumasa ngagugu nafsu
matak kuring nyuhun ampun
11. mun indit ka Ujungberung
bari mawa awi tali
rumasa kungsi ngaberung
mugi Gusti kersa nampi
Langganan:
Postingan (Atom)