Kamis, 03 April 2014

Cerita Humor | Bobodoran Sunda Yuk barudak urang sunda kadarieu urang ngariung jeung uing, uing rek nyaritakeun carita dina postingan Cerita Humor | Bobodoran Sunda yeuh, kieu caritana : Dina hiji mangsa poe juma’ah, aya hiji jalma urang batak, karek asup islam jeung anyaran ngumbara ka bandung, ma’lum anyaran cicing di bandung si tulangnna jadi kurang ngartieun bahasa sunda. Anggap weh ngaranna si Tulang bisi majar ngomongkeun ari nyebut ngaran aslinana mah. singkat caritana si tulang teh anyar milu jumaahan, ari pas budalan, di buruan masigit si tulang keur ambek-ambekan bari beungeut bereum tur popolotot. Ku uing teh di tanya da ngaganggu ka batur, Cerita Humor | Bobodoran Sunda Uing : “Ku naon silaing bang, beres jumaahan lainna ngadoa kalah ka ambek-ambekan teu puguh?” Si Tulang : “Sandal saya hilang, mana sendal saya, aduh mana merek adidas baru beli kemaren” (Gogorowok si abang tulang ka barudak anu keur ngalariung) Si Tulang :”woi,, Ada yang liat ato ngambil saya gak??” Barudak: “Sendal naon bang??” ni riweuh kitu teu pira leungit sendal. Si Tulang: “Sandal merek adidas, Baru beli kemari” Barudak: “Wah teuing teu apal urang mah bang” Teu kungsi lila datang pa ustadz ti masjid beres ngadu’a, teu purun di tanya ku si tulang… Si Tulang : “tadz, sendal saya hilang tadz” Pa Ustadz : “Patukeur sigana mah bang” Si Tulang : “Bah..! Siapa juga itu pa tukeur tadz?? Wah harus saya bantai itu orang..!” Pa Ustadz : “Euh si abang, Pa tukeur teh Pa hili abang” Si Tulang : “Bah..! yang ngambil berdua sama si pa hili tadz??? Wah dua-dua nya harus saya bantai tu orang..!” Pa Ustadz : “Ah ngabejaan nu gelo mah kalah ka lieur sorangan, uing balik we ah…Assalamualaikum..” Si Tulang : “Bah..! Mau kemana pa Ustadz?? Sandal saya gimana ini tadz??”
sisindiran 1.ngaborong doran jeung hayam diparaban sampeu atah wilujeng boboran siam mugi urang wangsul fitrah 2. boh bilih ngical kalapa candakna nganggo carangka boh bilih kalindih murka muga kersa ngahampura 3. boh bilih ka Sukajadi ulah hilap meser roti boh bilih kalangsu dengki muga kersa ngamaklumi 4. salami di Sukajadi teu ningalkeun kuring salat Salami urang pahiri urang silih pundut maaf 5. lamun kuda mirip itik loba jalma lalumpatan salami urang kumelip tangtos seueur kalepatan 6. cecendet mande kiara dijualan make panci mugi kersa ngahampura kuring kungsi ingkar janji 7. mun cecendet mande kiara gera cokot hiji-jiji mugi kersa ngahampura kuring kungsi nganyenyeri 8. mun indit ka Sukmanah ulah poho ka Pa Lurah mugi anjeun jembar manah sabab kuring niat pasrah 9. hirup kumbuhna manusa tangtu kungsi haramjadah kuring pasrah tumarima laku lampah teu merenah 10. meuli kacu ejeung gincu mawana bari disuhun rumasa ngagugu nafsu matak kuring nyuhun ampun 11. mun indit ka Ujungberung bari mawa awi tali rumasa kungsi ngaberung mugi Gusti kersa nampi