Ass.....
wilujeng wengi baraya
tikukur mawa-an heucak
mawa deui mawa deui
.....r datang ka pecak
rangda deui rangda deui
tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang datang nga burusut
jalan jalan ka cianjur
nijek batu ngjeuleguer
hanas hanas meli bajigur
pas di ambeu bau bujur
hayang nyatu eweh kejo
beasna na panggilingan
boga mitoha nu gelo
minantu di tampilingan
kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
ninik ninik ker mendeyang
di bekok peupeurendeuyan
kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal waleh di antosan
aya roda na tanjakan
ka tinggang ku pangpung jengkol
nyi randa gogowakan
ka tinggang ku hulu botol
jauh jauh manggul awi
nyiar nyiar pimerangen
jauh jauh neang abdi
neang neang pimeulangen
aya listrik di masigit
caangna nepi ka pabrik kina
aya istri jangkung alit
hanjakal te di calana
manuk ciung na pisitan
buah kona ngora keneh
di cium kunu kumisan
si nona kaka jebleh
kacibogo ka cibadak
meuli ragi di pendunagan
ulah bobogohan jeung budak
mahugi peupeulendungan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar